• Beranda
  • Twitter
  • Pesbuk
  • Sosbud
  • Polhuk
  • Sastra
  • Kesehatan
  • Hiburan
  • Asal Mula
  • PKn
  • SKI
  • Biologi
  • Fisika
  • Preambule UUD 1945 Versi Sunda

    BUBUKA

    Saestuna kamerdekaan teh hak sakumna bangsa. Kusabab kitu, panjajahan di sakuliah dunya kudu dimusnahkeun lantaran teu luyu jeung perikamanusaan tur perikaadilan.

    Sarta perjoangan pergerakan kamerdekaan Indonesia geus cunduk kana waktu nu rahayu kalawan berekah salamet santosa nganteurkeun rayat Indonesia ka gapura kamerdekaan Nagara Indonesia nu merdeka, ngahiji, kawasa, adil, jeung ma'mur.

    Ku berekahna rahmat Allah Nu Mahakawasa kalawan dijurung ku angen-angen nu luhung sangkan kahontal kahirupan kabangsaan nu bebas, nya ku kituna rayat Indonesia netelakeun kamerdekaanana.

    Saterusna, pikeun ngawangun hiji Pamarentah Nagara Indonesia nu nangtayungan sakumna bangsa Indonesia jeung sakuliah lemah cai Indonesia sarta pikeun ngamajukeun karaharjaan umum, nyerdaskeun kahirupan bangsa, jeung milu ngalaksanakeun katartiban dunya dumasar kana kamerdekaan, karepehrapihan nu langgeng jeung kaadilan sosial, nya disusun eta Kamerdekaan Kabangsaan Indonesia teh dina hiji Undang-Undang Dasar Nagara Indonesia, winangun Nagara Republik Indonesia nu ngagen kadaulatan rayat sarta dumasar kana Katuhanan Nu Maha Esa, Kamanusaan nu adil jeung beradab, Persaatuan Indonesia, jeung Karayatan nu dipingpin ku hikmah kawijaksanaan dina Permusawarahan/ Perwakilan, bari jeung ngawujudkeun Kaadilan sosial pikeun sakumna rayat Indonesia.

    1 comments: